Mihape sisir jeung minyak, bisi kaangsonan leungeun. Mihape pikir jeung niat, bisi kaangsonan deungeun. Hakekat "deungeun" teh "batur". Batur di dieu maksadna "Naon wae, saha wae, anu Salian Alloh".
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya. Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana. Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna. Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa